Jumat, 28 Maret 2014

Pupuh



Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.

Macam-macam pupuh, Pupuh aya tujuh welas rupa:

  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa deudeuh asih, nyaah.
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong

Conto tembang Kinanti,  budak leutik bisa ngapung:


Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
           Naon bae nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna


Conto tembang Balakbak anu ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun heureuy atawa banyol.


Aya warung sisi jalan ramé pisan; citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan; ngagoréng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét; nyanggéréng

Aya warung sisi jalan
Ramé pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

Sumber : http://su.wikipedia.org/wik/pupuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar